Senin, 23 Agustus 2010

Rukun, Fardhu, Syarat, dan Fardhunya Syahadat

أركان الشهادة خمسة شاهد و مشهود و مشهود به و مشهود عليه و صيغة
Ari Rukun Syahadat eta aya 5 :
1. Syahid ( شاهد ) = perkara anu nyaksi
2. Masyhud ( مشهود ) = Perkara Anu di Syaksiannana
3. Masyhud Bih ( مشهود به ) = inti tina lafadz nyaksian/perkara anu ngadorong lahirna panyaksian
4. Masyhud Alaih ( مشهود عليه ) = anu ngahudangkeun panyaksian / tingkah / pagawean anu nuduhkeun sifat panyaksian
5. Shighot ( صيغة ) = lafazd panyaksi / kecap-kecap anu nuduhkeun harti panyaksian
tafsiranna :
Allah maparin 50x sholat dina waktos Isro wal mi`roj Kangjeung nabi Muhammad Saw. anu bukti Kangjeung Nabi harita teh nuju di sidrotul muntaha , mangka nyuntrungkeun malaikat jibril As. Ka kangjeung Nabi Saw. Sahingga nyungkur sujud kangjeung Nabi saw. ( ujug-ujug mata hate kangjeung Nabi Ninggal Allah Swt. ) Lajeung Allah Ta`ala ngadawuh : Hei muhammad kudu ngangkatkeun anjeun kana sirah anjeun, ieu poe lain waktu ruku jeung sujud, mangka nabi Saw. Ngangkat kana mastakana sareung calik tawarruk sapertos calik dijero sholat, sabari ngadawuh :
“ sadaya kahormatan, kaberkahan, sholawat sareung kasaean sadayana eta tetep milik Gusti. “
Mangka ngadawuh Gusti Allah Ta`alaa : Ari kasalameutan eta tetep pikeun anjeun Hei Nabi ( Muhammad Saw. ) “
Lajeung kangjeung Nabi Saw. Ngadawuh : “ Ari kasalameutan eta tetep pikeun abdi sadaya sareung pikeun pirang-pirang abdina anu saroleh .”
Mangka para malaikat anu ngurumunan Dzat Allah Saw. Sapakeut ngucapkeun :
“ Kaula nyaksi yen teu aya pangeran anu wajib di ibadahan kalayan haq anging Allah sareung saestuna kangjeung nabi Muhammad Saw. Eta utusan Allah “
Maka maparin Allah Ta`ala 50x sholat pikeun kangjeung nabi sareung umatna, lajeung kangjeung Nabi Saw nyuhunkeun Rukhshoh ka Allah Swt. anu saljeungna dikirangan-dikirangan dugika 5x sholat dina sadinteun saweungi pikeun Kangjeung Nabi sareung Umat kanjeung nabi Saw.
Tah dina ieu tafsiran : anu jadi Syahid ( anu nyaksianna ) eta para malaikat, ari Masyhudna ( anu disaksianna ) eta Allah Ta`alaa jeung Rosul-Na Saw.
Ari masyhud bihna nyaeta mata hate tegesna panyaksian kalayan mata hate kangjeung Nabi Saw.
Ari padameulan maparin 50X sholat eta Salaku Masyhud Alaihna.
Jeung ari ucapan : “ Kaula nyaksi yen teu aya pangeran anu wajib di ibadahan kalayan haq anging Allah sareung saestuna kangjeung nabi Muhammad Saw. eta utusan Allah “ eta kalimah salaku shighotna.

Ari Rukun syahadat deui eta aya 4 :
1. Netepkeun dzatna Allah
2. Netepkeun Sifatna Allah
3. Netepkeun Af`alna Allah
4. Dipertelakeun

Ari Fardhuna syahadat eta aya 2 :
1. Diucapkeun ku lisan
2. Dibenerkeun ku hate

Ari Syaratna syahadat eta aya 4 :
1. Kudu dikanyahokeun
2. Kudu di ucapkeun
3. Kudu di shidikkeun
4. kudu dia`malkeun

Ari Sampurnana syahadat eta aya 4 :
1. Ilmu tegesna nyaho
2. Diucapkeun
3. Dishidiqkeun ( dibenerkeun )
4. Dipertelakeun

Ari Batalna Syahadat eta aya 4 :
1.Nyakutukeun ka Allah ( Musyrik ), nyatana teu nekadkeun kana wahdaniyatna Allah.
2.Mangmang atina ka Allah
3. mungkir awakna di dameul ku Allah
4. Hateu di itsbatkeun kuhate kana ayana Gusti Allah.